Kamis, 10 Maret 2011

Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat

Contoh Naskah Pidato | Contoh Pidato

Ngamumule budaya sunda

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Puji Syukur urang panjatkeun ka Allah SWT nu atos masihan kasehatan lahir sareng batin ka urang sadayana.

Saderek saderek urang hirup ditanah sunda sanes? Tapi, urang sadayana tiasa dititenan jaman kiwari langkung bangga upami urang nyarios kubasa Indonesia. Malihan, tos jarang urang tiasa ngupingkeun bahasa barudak sareng sepuh-sepuh na, seuseueur na komunikasi nganggo bahasa Indonesia sanaos aranjeuna asli urang sunda. Duka ku kamajengan jaman atanapi pengaruh lingkungan pergaulan.

Saderek-saderek, teu kinten sae na upami urang sadayana tiasa ngamumule budaya urang nyaliran. Diantawis na urang biasakeun nganggo basa sunda anu sae sareng ngajungjung seni budaya sunda. Ulah isin-isin nganggo basa sunda sareng mikaheman seni sunda. Sapertos, tarian sunda (Jaipong), lagu sunda sapertos pupuh, sareng seni sunda nu sanes na. Urangkudu bangga jadi urang Sunda.

Sakitu anu dikapihatur. Mugi aya mangpaatna.

Wassalamu’alaikum.Wr.Wb.